Langsung ke konten utama

Puisi Sunda

RAMPE ASTANA

Sanggian : Rijal Sabda

"Sapadalisan deui !" Omong jakut basa simpé
Ngamangsa sukma salira
Runggunuk kembang usik-usikan
Ngusak-Ngasik hujung implengan langit
Nu luhur , Nu pangluhur-luhurna
Patempatan Dang hiang Purba Wisésa
Dilebah dinya Lebah ngancikna

Tapi hanjakal didinya bulan teu kaanjangan
Ukur samek kikisikna
Oge bentangan didinya teu kaendongan
Ukur samek sesemperna

Kitu oge Mun pareng sukma
Keur ngagali buana atawa ngagali jagat
Sok katembong gambar langit hirap

Breh,katembong cai walungan ririakan, sawah saamparan
Batu harideung,daun kalapa
Juringkangna ngajulang gumplukan mega

Komentar