BABAD PASAWAHAN
Dina abad 15 , Pandita
Pundamaya tatapa di panjakroma (Batu Pangarangan) . Tujuan Anjeunna tatapa
didinya pikeun nguji ajian jaya sampurna . Tebihna tempat tatapa jeung desa
kasabeulahan kidul kurang leuwih 5 Km .
Saentos Anjeunna
tatapa , Pandita Pundamaya ngahampangan diluhur batu . Cai kiihna te sangaja ka
inum ku Maung jeung Manjangan .Kusabab eta maung jeung manjangan tului reuneuh .
Hubungan kulawarga antara Maung jeung Manjangan pohara dekeut .
Hiji mangsa , Maung
jeung Manjangan ngababarkeun manusa lalaki anu kasep di Gunung Layang . Saentos
manusa lalaki eta umurna tujuh taun , Maung jeung Manjangan ngaleungit tapi
sateuacanna ngaleungit aranjeunna mere pepejeuh pikeun anakna .
β Budak Putu di Pasabinan , amun Anjeun
kapendak Maung Bodas disakuriling Pasabinan ulah diganggu tapi sembah sabab anjeunna anu ngajaga Budak Putu β
Saentos Manjangan
mere pepejeuh , loba semah ti daerah lain anu dongkap . Kukituna tempat eta
dibere ngaran Pesabinan anu hartosna tempat milarian rezeki.
Dina abad 16 , Para Wali musyawarah di Gunung
Ciremai . Saentos musyawarah aranjeunna reureuh di Pesabinan . Salila reureuh
di Pesabinan Para wali nyieun Balong Kambang Sarta Balong Ambit jeung Lauk Sampalu
.
Dina taun 1635 , Desa Pesabinan dipimpin ku
Mbah Buyut Sapu Jagat anu ngagaduhan Garwa , Mbah Unasih . Mbah Buyut
mangrupakeun katurunan ti Mataram . Buyut Sapu Jagat anu ngarobah ngaran βPesabinanβ
jadi Pasawahan anjeunna oge anu nyekeul tanggung jawab ka sultan Hasanudin
Komarudin di Cirebon .
Komentar
Posting Komentar